Damas, singkatan tina Daya Mahasiswa Sunda, diadegkeun dina ping 14 Oktober 1956 di Bandung. Damas nyaeta organisasi kemasyarakatn pemuda (OKP) anu ngabogaan basis perjuangan kasundaan (nangtung dina kapribadian Sunda), Sanajan salaku organisasi kasundaan, kagiatan Damas teu diwatesan ku kagiatan kabudayaan. Nyaritakeun masalah kasundaan paling henteu nyaritakeun masarakat, lingkungan jeung budaya
(ajen-ajen, seni jeung simbol-simbol budaya) Sunda, ku sabab kitu aweuhan kagiatan Damas kudu nyoko kana pasoalan masyarakat (SDM), lingkungan jeung budaya atawa leuwih jentre kudu nyoko kana pasoalan sosial, ekonomi, politik, hukum, pendidikan jeung budaya. Dina ngalaksanakeun hirup kumbuhna organisasi, sacara administratif, Damas ngagunakeun basa Sunda dina komunikasi internal (lisan atawa tulisan/surat), malahan eksternal (pikeun sababaraha hal), boh formal atawa nonformal. Sedengkeun tina sisi sosial, Damas nerapkeun lingkungan anu nyunda anu didasarakn ku sipat duduluran luyu jeung jiwa silih asah, silih asih jeung silih asuh. Hubungan jeung organisasi lian jeung sabab Damas mangrupakeun OKP, sacara resmi Damas geus bernaung di KNPI kalayan Pangurus Puseurna di KNPI Jawa Barat. Tapi sanajan kitu, ti mimiti ngadeg dugi ka kiwari Damas independen ti organisasi mana wae, boh ti organisasi masarakat lianna sok komo ti organisasi politik. Tapi salaku organisasi kamasarakatan, Damas ngabogaan prinsip moal ngantep kana kawijakan-kawijakan politik atawa aliran anu ngarugikeun masarakat, hususna masarakat Sunda, umumna rahayat Indonesia. Sacara histori, dina awal ngadeg, Damas can ngagunakeun istilah Pangurus Puseur jeung Pangurus Cabang. Hal ieu alatan dina kurun waktu taun 1956 nepi ka 1965, Damas ngan aya di Bandung. Hartina, Anggota jeung Pangurus masih kawatesan di kota Bandung. Dumasar kana pamenta ti mahasiswa-mahasiswa ti Tasikmalaya, taun 1965 diadegkeun Damas Tasikmalaya. Saterusna dina taun 1969 mimiti ditaratas ngadegkeun Damas di kabupaten jeung kota (kodya dina waktu harita) lianna, di antawisna kabentuk Damas Garut jeung Damas Jakarta. Saenggeus kabentuk Damas di sababaraha daerah kasebut, pikeun ngagampangkeun dina koordinasi kukituna struktur orgganisasi Damas diwangun jadi Pangurus Puseur (PP) jeung Pangurus Cabang. Pangurus Cabang nyaeta pangurus Damas di tingkat kota atawa kabupaten. Sedengkeun Pangurus Puseur nyaeta pangurus Damas di tingkat puseur anu ngoordinir cabang-cabang Damas nu aya.