Alhamdulillah, Saparantos aya langkung ti 100 'request' ti palawargi Di Grup Salakanagara, ieu Page Parantos rengse diadegkeun,.. NAMUNG HAPUNTEN, PAMI DINA MIDANGKEUN SAJARAH SUNDA, PURBASTITI- PURBAJATI atanapi naon bae anu aya hubunganana sareng Sunda AYA ANU PAGEDRUG sareng manah para wargi ,urang silih lereskeun, silih geuing. Urang silih talingakeun Sunda teh, ku saha deui lamun sanes ku urang Sunda.....
"NGadegna ieu grup dicirian ku sawala pangurus, dina lelemah sareundeuk saigel, sabata sarimbagan pikeun ngawujudkeun Salakanagara keur urang, urang Sunda. Sok sanajan kasang tukang anu beda, boh kalungguhan, umur jeung atikan, teu matak jadi riged da puguh niatna sarua papada hayang ngaronjatkeun ajen-inajen , ajegna kahirupan basa jeung sastra Sunda." cag
"IMAH PANGANCIKAN RAGA, BASA PANGANCIKAN RASA, SUNDA PANGANCIKAN KULA." Rengrengan SALAKANAGARA :
FAUZI SALAKA
RICHADIANA KARTAKUSUMA
AAN MERDEKA PERMANA
HIKMAT KUSUMAHNINGRAT
YAYAT HENDAYANA
DEDDY EFFENDIE TJAJAPERMANA
HJ.TITIN GILANG HADI
RUKZZ OLANGAN
FADIL LAH
Deddy Efendie Tjajapermana
IMAN ABDUL RAHMAN Pupuhu Salakanagara Jepang
ERI KURNIAWAN Pupuhu Salakanagara Amerika
CAHAYA RANTI Pupuhu Salakanagara Saudi Arabia
DYANT CHATREWRIGHT Pupuhu Salakanagara Hongkong
IDA LESTARI Pupuhu Salakanagara Brunei Darussalam